Sunda - Jawa Barat
Pencipta : Sambas Mangundikarta
Mesat
ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun
jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna
ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak
mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha
anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang
jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir
dipikaserab ku sasama
Taya
karempan kasieun leber wawanenna
Manuk
dadali manuk panggagahna
Perlambang
sakti Indonesia Jaya
Manuk
dadali pangkakoncarana
Resep
ngahiji rukun sakabehna
Hirup
sauyunan tara pahiri-hiri
Silih
pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk
dadali ngandung siloka sinatria
Keur
sakumna bangsa di Nagara Indonesia
No comments:
Post a Comment